Wednesday, February 11, 2004

Niat lunta

genep maret taun ieu
rek ngamimitian milangkori
hayang ngasaan malem mingguan di twin tower
lulumpatan di highway meunang bangsa kuring
isukna neang babaturan di changi

dalapan maret rek nangtukeun gawe bareng
jeung cancelor kejuruteraan di tsukudai
kahayang terus ka kaler
nepungan anjeun di lembur Geulis

salapan maret pabeubeurang
waktuna mulang ka lemah cai
muru kota nu di riung ku gunung
ayeuna geus heurin ku tangtung

sapuluh maret isuk-isuk
geus kudu ngobrol di gajah diuk
poe isukna nepi ka tilu belas
poe keur Aiko sorangan

lain teu sono ....
mun opat welas maret geus kudu miang deui
da pempek-pempek geus nungguan
batubara bisi kaburu murag

dalapan welas maret
asa wegah kudu ngobrol di nanyang
mun teu ras inget ka anjeun Geulis
pasini urang dua hiji di changi
borobudur jeung prambanan lain ngan ukur implengan anjeun
bukti yen bangsa kuring bangsa anu jaya
sok sanajan ayeuna ngan ukur carita

@ infras, 16-02-11