Saturday, July 08, 2006

beijing

nyobian wungkul ...
kelah mun aya ideu ...

Wednesday, January 26, 2005

samperu saizu

tuing .....
geuningan kurva rada garinjul
siga jalan di pilemburan nu teu kaurus
loba logak siga paragi munding ngojay

hmmm ....
naon atuh anu kurang
sihoreng simana horeng
samperu saizu

turiling .....
monte carlo dilumpatkeun deui
jang seed rada gagaleongan
geuningan perlu hypothesis testing

bleg ....
kurva geus alus
lir tali meunang ngarautan
kiwari tinggal tret nulis

beu ...
can aya ide

Tuesday, January 11, 2005

geus lila teu nulis di blog
rarasaan teh panalungtikan teu beres-beres
sugan ka hareup bisa rada nyalse

cag

Sunday, July 04, 2004

duraring durang durarung

Tuesday, May 11, 2004

neangan jajaka ganteng

geus meunang saminggu
unggal poe ngan ulukutek jeung cep dirichlet oge jang neuman
teuing mana anu leuwih kasep
da ceuk rarasaan
ayeuna mah sarua bae

can kapanggih kumaha rindatna
saha nu bakal bogoheun ka neng Akaike
boa-boa neuman rek bogoh ka kriging
atawa dirichlet anu bogoheun ...

poe ieu keur ngimpleng
jebul deui jalma nu datang
lain kolor hejo sanajan ngaranna oge Green
sugan jeung sugan ieu mah
cukang lantaran nu bakal ngajodokeun
mojang jeung jajaka anu keur bararingung


Saturday, April 24, 2004

punten .....
teu acan aya idea ...
he ... he ....


Wednesday, April 21, 2004

basa kuring sono ka anjeun
potret anjeun ngan ukur bisa diteuteup
bari nyawang mangsa keur babarengan

aiko chan .....
aya ku lucu
matak poho kana waktu
mun geus bareng jeung anjeun

keur nyorangan di lab




Geulis ....
Mimiti ningali kalangkang anjeun ragrag dina Fokus hate kuring
Nyata, lempeng, digedean ku kakuatan Lensa maksimum
Siga tetes minyak ragrag di Ruang Hampa
Ngalayang bebas ti Gaya Gravitasi
Cinta kuring ka anjeun leuwih gede tibatan Bilangan Avogadro ..

Archimides jeung Newon moal ngarti
Medan magnet anu nga-Induksi diantara urang
Enstein jeung Edison moal sanggup nyieun rumus E = mc2
Ah .. moal sabanding jeung Momen cinta kuring

Sanajan jarak urang siga panonpoe jeung Pluto basa Aphelium
Amplitudo gelombang hate anjeun nga-Interferensi hate kuring
Saendah Gerak Harmonik Sempurna teu kapangaruhan ku Gaya Pemulih
Siga kopel gaya kalayan Kecepatan Angular anu Tanpa Wates

Energi mekanik cinta kuring teu kapangaruhan ku Friksi
Energi potensial cinta kuring teu kapangaruhan ku Tetapan Gaya
Energi kinetik cinta kuring = mv~
Malah mah Hukum Kekekalan Energi moal mampu nandingan Hukum Kekekalan diantara urang duaan

Geulis ...
Geura tingali hukum cinta urang duaan
Momen cinta kuring tegak lurus momen cinta anjeun
Ngajadikeun matriks anu simetri
Ngajadikeun cinta urang lir ibarat Titik Equilibrium anu sampurna
Ditambah Inersia anu tanpa wates
Moal kagedag ku impuls atawa momentum gaya
Tah ieu Resultan Momentum Cinta urang