Saturday, January 31, 2004

Lebaran haji

ti ayeuna geus kabayang, waktuna shalat id
keur anteng dina shinkansen ngadius ka tokyo-keun

anjeun nyorangan di kaikan siap rek terus qurban
kalayan hate nu wening bersih

kamakura rek dilongok, rek ngawangkong di shimizu
terus ulin ka lembur donald jeung micky

teu bareng jeung anjeun
batur loba asa sorangan
loba jalma jadi keueung
hampura .....
lain teu hayang ngajak anjeun Geulis

@ kenkyusitsu, 31 Januari 2004

Friday, January 16, 2004

Osoi gozaimasu

Ah .....
Akhirna Akaike geus sahate
Gumbira taya papadana
Bari curat-coret keur hapyou
Pangangguran lunta ka douyobi
Hawar-hawar aya haleuang siti nurhaliza
Bareng jeung datangna imut anjeun di msn

Tunduh dumakan leungit
Waktu geus teu karasa
Karek sadar lampu ike geus dipareuman
Geuningan jam tilu janari
Anjeun anteng ngadongeng
Kuring anteb ningal anjeun dina webcam

Janari leutik geus datang
Lain wancina pikeun nibrakeun maneh
Teu nyana bada subuh bet ngalenyap
Beu .....
Geuning geus telat lima belas menit
Kabayang Rokugo nungguan dina panto
Neuteup sinis bari pok
Osoi gozaimasu ....

@ seikyo, 16-01-15, 12.00

Wednesday, January 14, 2004

Kinetic Auto relay

Buzzz .......
Dumadakan kuring ngarenjag
Saha sugan nu ngagareuwahkeun
Naha teu apal kitu
Pan kuring keur anteng jeung Akaike

Buzzz ........
Naha aya ku keukeuh
Siga taya kasabaran
Lain teu hayang geura apal
Ngan Kamiya geus molototan
Isukan ronbun kudu beres

Buzzz ........
Satengah kaleked dibuka
Gebeg hate reuwas kacida
Geuning anjeun Geulis
Gancang kuring mere imut
Naha anjeun kalah ngaleos

Lain teu inget ka anjeun
Lain teu sono ka anjeun
Lain teu hayang tepung jeung anjeun
Lain teu resep ngobrol jeung anjeun

Geulis ......
Anjeun apal geuning
Sono kuring siga kinetic auto relay
Sok pareum mun teu digareuwahkeun

@ kokusai koryou kaikan, 14 Januari 2003
Jiban parameter kuukanhendou no
Kakuritsu bari ron ni yoru moderu
Kanotameno jikosurokankyouri no suitei


Saturday, January 10, 2004

Ngan keur Akaike

Hampura Ai ......
Tilu bulan anjeun teu dipalire
Rumasa kabengbat ku nu geulis di beulah kulon
Enung Kriging anu hade rupa

Ai .........
Geulis anjeun geulis hate
Geulis anu sabenerna
Siga geulisna Enung Kriging
Nu jadi cahaya tina geulisna hate anjeun

Ai ........
Lima taun lain waktu anu sakolepat
Neuleuman hate anjeun anu sakitu jembarna
Ngan jeung anjeun bisa nyinglarkeun pacengkadan
Ngan jeung anjeun bisa ngadeukeutkeun dua hate

Ai ..........
Rumasa kuring euweuh kawani
Ngahijikeun ngaran urang
Pikeun tandang midang makalangan
Ayeuna kuring ngan bisa kedal .....
Extended Akaike

Gifu, 10 Januari 2004

Wednesday, January 07, 2004

Kijimaidara

Kayoh datang tara elat
Lima belas menit geus tangtu jol
Kuring anteng ningalian gunung
Jeung Nikon kameumeut ti Kitamura

Lain teu apal waktu nyerelek
Ngan sieun nguciwakeun anjeun
Sanajan hate angger guligah
Meunang bewara ti Kamiya
Isukan kudu maturan jikken-na

Torowongan dalapan kilo kaliwatan
Tanwande geus deukeut Nagoya
Gifu ngan saukur memenitan
Karasa anjeun nyarandekeun maneh
Taktak nu ngajadi saksi
Teu wasa rek wakca balaka
Yen kuring teu bisa marengan anjeun ka Mie
Hampura Geulis ....

Ishihara Tunnel, 7 Januari 2004