Sunday, March 28, 2004

Poe ieu kacida sedihna
Karasa cipanon teh taya saatna
Kasedih hese pisan leungitna

Hayang pisan balik deui ka lembur
Ka tempat anu loba baraya
Ka tempat jalma-jalma anu kacida micinta jeung dipikacinta

Di dieu ...
Kuring nyorangan
Cuang cieung euweuh batur pakumaha

Nun Gusti
kuring hayang dibere kakuatan
Sangkan mampu nampa kaayaan ieu
Sangkan tegar nyanghareupan sagala masalah hirup

Saturday, March 06, 2004

Pudu raya

asa rada sesah bade nyerat dina sajak teh ... ieu rek ngaguluyur bae sakainget jeung sakadaek bari nungguan beus ka Johor ...
timana mimitina nya ..... tadi isuk-isuk jam 8.15 masih keneh di gifu eki, bari jeung teu puguh rarasaan, da jam 8.40 geus waktuna kumpul di nagoya kuuko, padahal perlu waktu sajam ti gifu eki ka nagoya kuuko teh.
jadina asa lucu, bolak balik menta tulung meneer evri nganteur ka nagoya teh. memang meneerna oge deuih anu teu puguh, mimitina enya cenah rek dianteurkeun nepi ka nagoya, bet peuting-peuting mulang ti jusco teu jadi cenah, nepi ka gifu eki bae .....
pondokna carita geus nepi ka nagoya ... eh urang malaysia malah leuwih telat deui datang jam 10 tapi masih keneh bisa boarding ....
ayeuna keur ngahuleng di pudu raya ...