Sunday, March 28, 2004

Poe ieu kacida sedihna
Karasa cipanon teh taya saatna
Kasedih hese pisan leungitna

Hayang pisan balik deui ka lembur
Ka tempat anu loba baraya
Ka tempat jalma-jalma anu kacida micinta jeung dipikacinta

Di dieu ...
Kuring nyorangan
Cuang cieung euweuh batur pakumaha

Nun Gusti
kuring hayang dibere kakuatan
Sangkan mampu nampa kaayaan ieu
Sangkan tegar nyanghareupan sagala masalah hirup