Sunday, February 29, 2004

osu kanon

hujan ngaririncik ti peuting mula
hawa tiris ilang tanpa raratan
kaelehkeun ku simbut listrik jeung dambo
aya ku genah nyalse di kaikan
pabeubeurang ngadadak cangra
tenki yohou poe ieu teu nyalahan

chikatetsu ka fushimi kacida pinuhna
ras ka anjeun Geulis
basa urang mapay-mapay ieu jalan
dibarengan ku hujan ngaririncik
payung leutik ngajadi saksi
osu otera aya ku endah
teu siga poe ieu meuleukmeuk hideung

basa jeung anjeun Geulis
naek futsu densha aya ku genah
hate noroweco ku kabageuran ieu kareta
unggal eki eureun haat ngajakan kanu rek milu
poe ieu jadi kareta pikasebeleun

@lante 7 nagoya eki, 18.20. 16-02-29

Friday, February 27, 2004

sabishi ne ....

haru yasumi kitu ?
na lab aya ku sepi kieu
asa di kuburan ...

tanggal 6 hb march asa ku heubeul
jadi ras inget ka lagu krisdayanti
menghitung hari ... detik demi detik ...

@infras, 21.00, 16 - 02 - 27


Thursday, February 19, 2004

owarimasita

bulan rek anjog ka tungtung
kahemeng, kaheran, kabingung can manggih jawaban
nitih wanci balik ka sarakan
mulih ka jati mulang ka asal

asa panjang lalakon hirup bareng jeung anjeun
teuing sabaraha buku lamun kudu dituliskeun
teuing sabaraha album lamun dijieun photo

geus ninggang mangsana
urang teundeun di handeuleum sieum
sugan jeung sugan jaga bisa pinanggih deui

@tosokan, 16-02-19

Sunday, February 15, 2004

itsu dekimasuka ?

wakarang .....
sama la kita

ti isuk hujan ngaririncik
tanwande musin tiris anggeusan
rek datang mangsa sakura ligar

Geulis ....
teu apal anjeun nungguan rose datang
panyana lieuk beuheung sosonggeteun

ah....
ku teu sangka
urang pada mendem rasa
rasa nu teu kungsi kakedalkeun
rasa nu minuhan jero dada

@ infras - masa lepas palentine

Friday, February 13, 2004

Valentine

poe ieu teu ngahaja ngaliwat ka jusco
dimana-mana coklat mani rempeg
aya almond coklat karesep
hate ngan bisa kumejot

ah ....
saha anu rido rek mere coklat
lain pedah valentine
nu penting mah coklat na
naha jadi siga ngadongeng kieu
kajeun bae lah ....

nu penting mah ....
hayang coklat almond anu gambarna david beckham
dua ratus yen hargana teh
mun meuli sapuluh diskon 10 persen

mangga kanu rido masihan coklat almond
diantos pisan ....
mun pameget rek diaku jadi baraya
mun istri ....
teu langkung hoyong diangken naon

@ infras, janari leutik, 16-02-13

Wednesday, February 11, 2004

Niat lunta

genep maret taun ieu
rek ngamimitian milangkori
hayang ngasaan malem mingguan di twin tower
lulumpatan di highway meunang bangsa kuring
isukna neang babaturan di changi

dalapan maret rek nangtukeun gawe bareng
jeung cancelor kejuruteraan di tsukudai
kahayang terus ka kaler
nepungan anjeun di lembur Geulis

salapan maret pabeubeurang
waktuna mulang ka lemah cai
muru kota nu di riung ku gunung
ayeuna geus heurin ku tangtung

sapuluh maret isuk-isuk
geus kudu ngobrol di gajah diuk
poe isukna nepi ka tilu belas
poe keur Aiko sorangan

lain teu sono ....
mun opat welas maret geus kudu miang deui
da pempek-pempek geus nungguan
batubara bisi kaburu murag

dalapan welas maret
asa wegah kudu ngobrol di nanyang
mun teu ras inget ka anjeun Geulis
pasini urang dua hiji di changi
borobudur jeung prambanan lain ngan ukur implengan anjeun
bukti yen bangsa kuring bangsa anu jaya
sok sanajan ayeuna ngan ukur carita

@ infras, 16-02-11


Monday, February 09, 2004

--<<:: SAJAK TI DUA NAGARA ::>>---
--<:(Konser duet Live Budhi Setiawan jeung Sireum):>--

printer meh kosong eusina
jurnal geus minuhan meja
buku pabalatak di mana-mana
tapi angger teu daek tret nulis


geulis, anjeun teh geulis nyai...
ningan ieu panon anteung ka anjeun
ningan ieu leungeun angger enteup

nu bisa ngan ukur ngahuleng
ningalikeun photo urang jadi wallpaper
mangsa keur babarengan rengse ski


deui, kuring geus kapalingan deui
ku imut anjeun nu mirut jajantung
deui, kuring geus melang deui
sieun anjeun teu balik deui.

poe ieu anjeun lunta
hanjakal kuring teu miang
sabishi kunarimasita


ret deui ret deui juru panon ka eta wanoja

-----------------------------------------------------
09 januari 2004: 07:26pm
sireum (http://setan.bbv.or.id)
budhi setiawan (budhiaikojp@yahoo.co.jp)
-----------------------------------------------------

Sunday, February 08, 2004

keur diri sorangan

poe ieu karek cangra
opat poe kamari yuki turun teu eureun-eureun
hanjakal ....
ieu hate teu cangra siga panon poe
lain ku anjeun Geulis
da ukur anjeun nu ngarti kana ieu hate

poe ieu ....
kateu ngarti beuki nambahan
kabingung beuki ngagunung
kumaha kuduna lengkah anu hade
naon kasalahan anu dipilaku
naon kelapetan anu diucapkeun
hemeng ...
teu ngarti jeung teu ngarti

teu wasa rek nyaritakeun ka anjeun Geulis
hade goreng oge da bangsa sorangan
rarasaan ....
sagala kaboga geus dibebaskeun
sagala kabisa geus diketrukeun
lamun butuh lamun perlu kari make
ridho lilahi ta'ala

nyana kitu oge ...
geus mangsana kudu leuwih ngarti kahayang batur
geus mangsana ngaragap ka diri sorangan
geus mangsana hirup mandiri di nagara batur
sanajan gede ku kasieun
cenah mah teu nasionalis

@ infras, 12.12 16-02-08

Saturday, February 07, 2004

Tak paham

saha nu wanci kiwari geus ngageroan
satengah hoream diangkat bari panon angger peureum
moshi-moshi cenah
apal pisan eta sora teh
tunduh leungit langsung cenghar
tibuburanjat lumpat ka ofuru
salapan kurang lima asup ruangan bari bingung
naon anu rek digawekeun

teu kungsi limat menit pa guru datang
tanwande aya pagawean anyar
lulungu acan leungit keneh
seminar geus di mimitian

sapuluh tilu puluh karek rengse
padahal waktu asup kelas sejen
gancang lumpat muru lift
kaluar teu luak lieuk
satengah lumpat muru ka kelas

hisasiburi ....
aya ku halimpu eta sora
sora anu salila opat poe teu kaburu diteang
hate ngadadak ngarenjag
lengkah ngadadak eureun
dilieuk ....
geuning anjeun Geulis
anjeun mere imut
gura-gura males imut
can pok rek ngomong ....
hayaku cenah ...
refleks ngagupaykeun leungeun
bada jum'ahan urang patepung

@ kogakubu, 10.30 - 6 Februari 2004