Saturday, February 07, 2004

Tak paham

saha nu wanci kiwari geus ngageroan
satengah hoream diangkat bari panon angger peureum
moshi-moshi cenah
apal pisan eta sora teh
tunduh leungit langsung cenghar
tibuburanjat lumpat ka ofuru
salapan kurang lima asup ruangan bari bingung
naon anu rek digawekeun

teu kungsi limat menit pa guru datang
tanwande aya pagawean anyar
lulungu acan leungit keneh
seminar geus di mimitian

sapuluh tilu puluh karek rengse
padahal waktu asup kelas sejen
gancang lumpat muru lift
kaluar teu luak lieuk
satengah lumpat muru ka kelas

hisasiburi ....
aya ku halimpu eta sora
sora anu salila opat poe teu kaburu diteang
hate ngadadak ngarenjag
lengkah ngadadak eureun
dilieuk ....
geuning anjeun Geulis
anjeun mere imut
gura-gura males imut
can pok rek ngomong ....
hayaku cenah ...
refleks ngagupaykeun leungeun
bada jum'ahan urang patepung

@ kogakubu, 10.30 - 6 Februari 2004