Saturday, April 24, 2004

punten .....
teu acan aya idea ...
he ... he ....


Wednesday, April 21, 2004

basa kuring sono ka anjeun
potret anjeun ngan ukur bisa diteuteup
bari nyawang mangsa keur babarengan

aiko chan .....
aya ku lucu
matak poho kana waktu
mun geus bareng jeung anjeun

keur nyorangan di lab




Geulis ....
Mimiti ningali kalangkang anjeun ragrag dina Fokus hate kuring
Nyata, lempeng, digedean ku kakuatan Lensa maksimum
Siga tetes minyak ragrag di Ruang Hampa
Ngalayang bebas ti Gaya Gravitasi
Cinta kuring ka anjeun leuwih gede tibatan Bilangan Avogadro ..

Archimides jeung Newon moal ngarti
Medan magnet anu nga-Induksi diantara urang
Enstein jeung Edison moal sanggup nyieun rumus E = mc2
Ah .. moal sabanding jeung Momen cinta kuring

Sanajan jarak urang siga panonpoe jeung Pluto basa Aphelium
Amplitudo gelombang hate anjeun nga-Interferensi hate kuring
Saendah Gerak Harmonik Sempurna teu kapangaruhan ku Gaya Pemulih
Siga kopel gaya kalayan Kecepatan Angular anu Tanpa Wates

Energi mekanik cinta kuring teu kapangaruhan ku Friksi
Energi potensial cinta kuring teu kapangaruhan ku Tetapan Gaya
Energi kinetik cinta kuring = mv~
Malah mah Hukum Kekekalan Energi moal mampu nandingan Hukum Kekekalan diantara urang duaan

Geulis ...
Geura tingali hukum cinta urang duaan
Momen cinta kuring tegak lurus momen cinta anjeun
Ngajadikeun matriks anu simetri
Ngajadikeun cinta urang lir ibarat Titik Equilibrium anu sampurna
Ditambah Inersia anu tanpa wates
Moal kagedag ku impuls atawa momentum gaya
Tah ieu Resultan Momentum Cinta urang

Monday, April 12, 2004

naha nya .....
ari nu geus kolot ku resep-resep teuing nyalahkeun ka nu budak
mun nu kolot keur sibuk
nu budak oge kudu milu sibuk
tapi ....
ari nu budak teu ngarti
nu kolot malah nyalahkeun
lain mere bongbolongan
teuing ah ...
teu ngalalarti ...
dipikiran malah jadi gering
mending oge dahar pempek
ngan aduh hanjakal
pempekna oge euweuh

Wednesday, April 07, 2004

senman apato

teetttt ......
sora bel geus disada deui
geuningan pa erte
bari mamawa tagihan gas
rarasaan mah geus apply
sangkan mayar potong rekening

ting tong ting tong
geuningan geus jam dua belas
geus waktuna sare
isukan mimiti deui poe anyar

ah ....
rarasaan can aya gawe nu puguh
asa can merenah lampah naon nu kudu digawekeun
raishu kara nihon go class teh ....
gambarimashou ....

kenkyu wa ima wakarimasen

Thursday, April 01, 2004

poe ieu oom iponk mulang ka sarakan
lulus banglus ti nogakubu
sabishi ....